-->

Contoh Naskah Wayang Golek , Kulit ,Dan Wong Carita Dewa Ruci

    Wayang adalah suatu seni pertunjukan tradisional asli indonesia yang berkembang di pulau Jawa dan Bali.

Wayang sendiri dibagi menjadi beberapa macam.Diantaranya

  • Wayang Golek yaitu wayang yang berbentuk Tiga dimensi.Dan wayang ini biasanya terbuat dari kayu
  • Wayang kulit yaitu wayang yang dibuat dari kulit binatang.Biasanya dari kulit kerbau atau sapi
  • Wayang Beber adalah wayang yang cara penyampaiannya menggunakan kain dan dibentangkan satu persatu sesuai dengan urutan penceritaannya.
  • Wayang Klitik wayang klitik hampir sama dengan wayang Golek.Bedanya adalah wayang ini lebih tipis.Disebut wayang kletek juga karena adanya bunyi 'kletek kletek' dari gesekan kayunya
  • Wayang Wong atau wayang manusia adalah wayang yang penyampaian ceritanya langsung diperankan oleh manusia asli
     Nah untuk sekarang ini saya akan membagikan naskah wayang.Naskah wayangnya pun bisa digunakan diberbagai wayang,baik itu wayang kulit,wayang golek,wayang beber,dan wayang wong.naskah ini dibuat karena adanya Ujian Prsktrk di sekolah saya yaitu SMAN  KASOKANDEL .Untuk naskahnya saya bagi beberapa part ya soalnya sangat panjang.Dan dimohon naskah ini hanya dijadikan referensi dan jangan di copy/Jiplak sepenuhnya.Baik langsung saja

CARITA DEWA RUCI

dewa ruci


v (Toroktok cempala  ku dalang  di pirig ku gending karatagan kalayan di pasieup ku lampu buburinyayan).

v Dalang asup muka carita di pasieup ku gending gunung sari

 

Nyukcruk galur anu kapungkur mapay riwayat jaman baheula, nyaeta dina jaman pawayangan. Tulisan parawali rekaan para pujangga anu waskita, wenangna ti maha sukma weningna ti maha suci. Lalakon awit carita di pedar ki juru brata ki dalang kasebutna. ngababarken hiji perkara anu kasebat purwa siksa kanda buana. Purwa hartosna wiwitan, siksa hartosna pitutur ajaran, kanda hartosna kitab, buana hartosna alam.

gentur pinutur catur gentra bubuka ing cinarita, kacarios di hiji pedepokan, anu kasebat padepokan jajar sokalima.alamna subur makmur gemahripah lohjinawi aman santosa kerta laharja. hiji resi anu sugih ku pangarti, beunghar ku pangabisa, payus ku elmu anu linuhung. Teu aya sanes kakasihna nyaeta resi dorna. Anu dina wanci kiwari kasumpingan muridna ti nagara astina kakasihna raden citrayuda sareng raden citraksi.  Dangu-dangu ngandika sang resi dorna.

v (dalang kaluar ti jagat wayang)

v (dorna, citrayuda,citraksi asup ka jagat wayang. Kalayan masih di pirig ku gending gunung sari satengah tengkep pasieup lampu warna biru)

v (dorna calik dina korsi karesian di palih katuhu panggung, citrayuda sareng citraksi calik di payunen dorna nganggo alas karpet minangka dadampar tina kulit manjangan)

DORNA                      : kasep anak ama, anu payus di piagul kalayan di pika reu’eus yap kapayun calikna satata jeng ama.

CITRAYUDA              : parantos cekap didie, tipayun anu kapihatur nyanggaken sembah sungkem kahunjuk salira rama guru.

CITRAKSI                  : ti kaula oge sami, seja ngahaturken sembah sungkem ka salira rama guru.

DORNA                      : hahah…. uluh di tampi kalayan kabingahan, di simpen dina ati sanubari anu jigana moal luntur ku datangna waktu, moal laas ku datangna mangsa, kalayan moal belel ku datangna poe. Eeh..ama teh asa ka gunturan madu karag-ragan menyan putih ieuteh, aya naon kasep pangna sumping kadieu, upami mulih-mulih ti mana upami angkat bade-angkat ka mana?

CITRAYUDA              : yi saurken wae ieuteh? (bari ngaleret ka citraksi)

CITRAKSI                  : ihh da kmha pancen nagara kang.

CITRAYUDA              :  saleresna kaula teh  heurin ku letah, nanging paralun anu kasuhun muninggalih anu di pamrih hapunten anu di teda.  Panginten kauninga ku salira, yen pandawa sareng kurawa ti kapungkur getreng we pasea. Paripaosna tileuleutik silih ala pati, tibubudak silih ala nyawa, ti lelembut silih ala umur. Tah pangna kaula dongkap kadieu teh manggul utusan anu janten ratu ngemban timbalan anu janten raja, sang nalendra prabu suyudana raja astina. pancena teh nandasa pandawa. Kaula percanten ka salira rama, da salira mah guru  kurawa sareng pandawa, wayahna gunasika pandawa malah mandar dianiaya dugika perlaya.

CITRAKSI                  : tah kitu rama guru.

v (Dalang asup ka jagat wayang).

v (dalang kakawen, gending oge ngaluyuken jeung laras kakawen dalang)

DALANG:

            “Wijar meneng-meneng gusti petenge ati nira

               Ya ati nira….

            Wijar meneng-meneng gusti petenge ati nira

            Ya ati nira…

            Kalimpudan mega bodara awor lan mega putih

            Suala salim sumabda…salin sumabda…..’’

v (pirigan gending kakawen liren lebet dei ka gending gunung sari satengah tengkep)

Resi dorna kaget barang ngadangu kasauran raden citrayuda, ngahuleng maraga meneng olohok bengong kembang kadu, asa jauh tina dugaan anggang tina sawangan teu sangka kieu jadina…

Resi dorana ngandika sakedapan botenawangsul marganepun peteng penggalih.

v (dalang lunta ti  jagat wayang)

DORNA                      : kasep citrayuda citraksi.

CITRAYUDA              : kaula ama.

CITRAKSI                  : kaula kanjeng rama.

DORNA                      : naha teu salah ieu pancen suyudana raja astina teh?

CITRAYUDA              : teu lepat ama.

DORNA                      : wayahna eta paniatan teh geura ganti ku kahadean.

CITRAKSI                  : rupinamah moal tiasa ama

CITRAYUDA              : rupina ieu parantos janten kaputusan sadayana.

DORNA                      : haduh.. hampura, lain ama leuwih nyaah ka pandawa teu nyaah ka kurawa, tapi pandawa teh anak kula kurawa oge anak kula. Ker kula mah nyaahna kanu jadi anak teh euweuh dunya kinasihan. Kanu gede nyaah ku gedena, kanu leutik nyaah ku leutikna, kanu pinter nyaah ku pinterna, dalah kanu bodo oge nyaah ku bodona. Hampura kula teu payus ngobul ratu lampah giruk kitu, moal bisa nandangan pamenta raja anu curaling curang lampahna,  angguran menta hampura tobat kanu kawasa, bisi datang azab anu tumiba ka salira, nagara, jeung bangsa. sadar kasep!

v (dalang lebet ka jagat wayang)

 

DALANG                    : didieu raden citrayuda sareng raden citraksi kasinggung kobu ka bentar manah, atuh rarayna bereum lir kadia beusi atah beuleum. waos kekerot napsu ngagugudug lir satangtung gunung, ngajungiring lir sagara pasir, muringkak lir bulu landak

v (kakawen di pirig ku gending  aksen situasional di luyuken sareng gerak wayang)

v (lampu gegebrayan warna beureum)

            “rap sigra purna dewa

            Rap sigra purna dewa

(citrayuda sareng citraksi pepeta bari lajag lijig teu aya wiwaha)

            Sang citra yuda napsu kagila-gila

              Ya napsu kang kagila-gila”

(gending simpe ngan ukur aksen situasional gerak wayang)

 

CITRAYUDA              : hey kombayana, dasar anjen guru nu teu metu, pandita kurang ajar!

CITRAKSI                  : mun kitucarana anjeun ngawilah-wilah kanyaah, ngandung harti anjeun mihak ka pandawa dasar jahat.

DORNA                      : leuh..leuh.. cing sadar kasep.

CITRAYUDA  : tenjo ieu naon ?  (bari ngasongken keris)

DORNA                      : uluh..kade bilih ka usap setan kasep

CITRAKSI                  : geura sambat indung nu ngandung bapa anu ngayuga, geura tungkul kanu jukut tanggah ka sadapan pileuleuyanken ieu dunya! (bari ngadengkek sirahna dorna)

CITRAYUDA              : sok anjeun rek kumha, Atawa rek serah bongkokan pasrah kana pancen raja kaula?

v (Dalang lebet ka jagat wayang)

v (gambang disada mirig nyandra dalang)

DALANG                    : resi dorna dasar pandita anu pinuh ku pangabisa, emut yen salirana kagungan elmu mancala putra mancala putri mancala rasa surti ing batin…ngadamel tipu muslihat kanggo salamet tina ancaman raden citrayuda sareng raden citraksi.(bari di haleuangken ku notasi wirahma  nyandra)

v (Dalang lunta ti jagat wayang gending  liren)

 

 CITRAYUDA             : sok rek kumha?

CITRAKSI                  : sok jawab!

DORNA                      : heug atuh ari kitu carana ama bakal nyumponan amanat raja, tapi di mana aya dosa heug tanggeuy ku sarerea ama mah ulah ka ciwit kulit ka bawa daging.

CITRAYUDA              : ah teu percaya kanu ngaran dosa

CITRAKSI                  : aherat mah ngan ukur carita dongeng kolot baheula.

CITRAYUDA              : geus montong loba catur, kmha, sanggup nandasa pandawa?

DORNA                      : ari tos di ancam pati mah moal tiasa kmha dei ngger, rumaos we da bade ngalawan sadar kana waruga anu rempoh teu walakaya.

CITRAKSI                  : kmha sanggup?

DORNA                      : mangga ama sanggup nganiaya pandawa…

CITRAYUDA              : awas mun ingjkar tina pancen bakal aya mamalana.

v (citrayuda sareng citraksi kaluar ti gajat wayang nganggo gendingan ayak-ayakan salendro)

v (Dalang nyarita saolah-olah di salebeting werdaya )

 

DALANG                    : resi dorna ngeclaken ci soca, rongheap napas kacida nyerina ampir perlaya di tandasa citraksi lan citrayuda.

v (Dalang kakawen, di piring ku gamelan laras madenda)

 

“rum..arum…..

Saripamatri ning rasa rasa suci pangdiwincik perlambang….

Sadar darana….

Rum…rum arum….saripa patri ning hurip gusti…….

Ngusap raray dening tangan loro…..”

 

v (lampu biru)

DORNA                      : Emhhh pandawa..sing panggih jeung kawaluyaan, sapamundut ginuluran sapaneja tinekanan karahayuan berkah kasalametan….

 

BIMA                         : sampurasun guru kula dorna.( nyarita ti kajauhan)

DORNA                      : haduh ngger anak ama…. Kadieu kasep bima.(bima lebet ka jagat wayang di pirig gending ayak-ayakan salendro)

DORNA                      : kumha di jalan teu aya naon-naon?

BIMA                         : murah asih gusti maparinan kasalametan ka diri aing, knaon jiga nu geumpeur kitu, Manggih kajadian naon?

DORNA                      : henteu..heunteu…ama teu nanaon kasep

BIMA                         : aing ngarti pasti si guru manggih kajadian,

DORNA                      : nuhun kasep parantos sumping kadieu, sabenerna ama teh rek ngawiridken elmu ka hidep

BIMA                         : elmu naon guru?

DORNA                      :  nyaeta elmu insan kamil mukamil sampurna dina jero ning sampurna. Ngan sarat di wirid elmu ieu kudu susuci ku tirta pawitra.

BIMA                         : di mana eta ayana tirta pawitra?

DORNA                      : tah di mana ayana, pek ku hidep teangan eta tirta pawitra, rek ka kidul jung, rek ka kaler pek, rek kulon los, rek kawetan prak.

BIMA                         : aing mundut restu ka siguru ayena keneh aing rek indit neangan eta tirta pawitra.

DORNA                      : pang du’a ama aya di agigiren hidep, kade patekadan anu mulya pasti loba gogodana tapi niat ulah kebat ku gogoda ulah ebat, ngeureuyeuh nikreuh sok sanajan bari pateuh cing yakin gunung bakal aya di sahandapeun mumuncangan.

BIMA                         : aing indit dorna…

DORNA                      : bral kasep angsal damel sapaneja


Kelanjutan text nya bisa dilihat disini pencet link ini

Berlangganan update artikel terbaru via email:

1 Response to "Contoh Naskah Wayang Golek , Kulit ,Dan Wong Carita Dewa Ruci"

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel