Contoh Naskah Wayang Golek , Kulit ,Dan Wong Carita Dewa Ruci
Wayang adalah suatu seni pertunjukan tradisional asli indonesia yang berkembang di pulau Jawa dan Bali.
Wayang sendiri dibagi menjadi beberapa macam.Diantaranya
- Wayang Golek yaitu wayang yang berbentuk Tiga dimensi.Dan wayang ini biasanya terbuat dari kayu
- Wayang kulit yaitu wayang yang dibuat dari kulit binatang.Biasanya dari kulit kerbau atau sapi
- Wayang Beber adalah wayang yang cara penyampaiannya menggunakan kain dan dibentangkan satu persatu sesuai dengan urutan penceritaannya.
- Wayang Klitik wayang klitik hampir sama dengan wayang Golek.Bedanya adalah wayang ini lebih tipis.Disebut wayang kletek juga karena adanya bunyi 'kletek kletek' dari gesekan kayunya
- Wayang Wong atau wayang manusia adalah wayang yang penyampaian ceritanya langsung diperankan oleh manusia asli
CARITA DEWA RUCI
v (Toroktok cempala ku dalang di pirig ku gending karatagan kalayan di
pasieup ku lampu buburinyayan).
v Dalang asup muka carita di
pasieup ku gending gunung sari
Nyukcruk galur anu kapungkur mapay riwayat jaman baheula,
nyaeta dina jaman pawayangan. Tulisan parawali rekaan para pujangga anu
waskita, wenangna ti maha sukma weningna ti maha suci. Lalakon awit carita di
pedar ki juru brata ki dalang kasebutna. ngababarken hiji perkara anu kasebat
purwa siksa kanda buana. Purwa hartosna wiwitan, siksa hartosna pitutur ajaran,
kanda hartosna kitab, buana hartosna alam.
gentur pinutur catur gentra bubuka
ing cinarita, kacarios di hiji pedepokan, anu kasebat padepokan jajar sokalima.alamna
subur makmur gemahripah lohjinawi aman santosa kerta laharja. hiji resi anu
sugih ku pangarti, beunghar ku pangabisa, payus ku elmu anu linuhung. Teu aya
sanes kakasihna nyaeta resi dorna. Anu dina wanci kiwari kasumpingan muridna ti
nagara astina kakasihna raden citrayuda sareng raden citraksi. Dangu-dangu ngandika sang resi dorna.
v (dalang kaluar ti jagat wayang)
v (dorna, citrayuda,citraksi asup
ka jagat wayang. Kalayan masih di pirig ku gending gunung sari satengah tengkep
pasieup lampu warna biru)
v (dorna calik dina korsi karesian
di palih katuhu panggung, citrayuda sareng citraksi calik di payunen dorna
nganggo alas karpet minangka dadampar tina kulit manjangan)
DORNA :
kasep anak ama, anu payus di piagul kalayan di pika reu’eus yap kapayun calikna
satata jeng ama.
CITRAYUDA : parantos cekap didie, tipayun anu
kapihatur nyanggaken sembah sungkem kahunjuk salira rama guru.
CITRAKSI : ti kaula oge sami, seja
ngahaturken sembah sungkem ka salira rama guru.
DORNA :
hahah…. uluh di tampi kalayan kabingahan, di simpen dina ati sanubari anu
jigana moal luntur ku datangna waktu, moal laas ku datangna mangsa, kalayan
moal belel ku datangna poe. Eeh..ama teh asa ka gunturan madu karag-ragan
menyan putih ieuteh, aya naon kasep pangna sumping kadieu, upami mulih-mulih ti
mana upami angkat bade-angkat ka mana?
CITRAYUDA : yi saurken wae ieuteh? (bari ngaleret ka citraksi)
CITRAKSI : ihh da kmha pancen nagara kang.
CITRAYUDA : saleresna kaula teh heurin ku letah, nanging paralun anu kasuhun
muninggalih anu di pamrih hapunten anu di teda. Panginten kauninga ku salira, yen pandawa
sareng kurawa ti kapungkur getreng we pasea. Paripaosna tileuleutik silih ala
pati, tibubudak silih ala nyawa, ti lelembut silih ala umur. Tah pangna kaula
dongkap kadieu teh manggul utusan anu janten ratu ngemban timbalan anu janten
raja, sang nalendra prabu suyudana raja astina. pancena teh nandasa pandawa.
Kaula percanten ka salira rama, da salira mah guru kurawa sareng pandawa, wayahna gunasika
pandawa malah mandar dianiaya dugika perlaya.
CITRAKSI : tah kitu rama guru.
v (Dalang asup ka jagat wayang).
v (dalang kakawen, gending oge
ngaluyuken jeung laras kakawen dalang)
DALANG:
“Wijar
meneng-meneng gusti petenge ati nira
Ya ati
nira….
Wijar
meneng-meneng gusti petenge ati nira
Ya ati nira…
Kalimpudan
mega bodara awor lan mega putih
Suala salim
sumabda…salin sumabda…..’’
v (pirigan gending kakawen liren
lebet dei ka gending gunung sari satengah tengkep)
Resi dorna kaget barang ngadangu kasauran raden citrayuda,
ngahuleng maraga meneng olohok bengong kembang kadu, asa jauh tina dugaan
anggang tina sawangan teu sangka kieu jadina…
Resi dorana ngandika sakedapan botenawangsul marganepun
peteng penggalih.
v (dalang lunta ti jagat wayang)
DORNA :
kasep citrayuda citraksi.
CITRAYUDA : kaula ama.
CITRAKSI : kaula kanjeng rama.
DORNA :
naha teu salah ieu pancen suyudana raja astina teh?
CITRAYUDA : teu lepat ama.
DORNA :
wayahna eta paniatan teh geura ganti ku kahadean.
CITRAKSI : rupinamah moal tiasa ama
CITRAYUDA : rupina ieu parantos janten kaputusan
sadayana.
DORNA :
haduh.. hampura, lain ama leuwih nyaah ka pandawa teu nyaah ka kurawa, tapi
pandawa teh anak kula kurawa oge anak kula. Ker kula mah nyaahna kanu jadi anak
teh euweuh dunya kinasihan. Kanu gede nyaah ku gedena, kanu leutik nyaah ku
leutikna, kanu pinter nyaah ku pinterna, dalah kanu bodo oge nyaah ku bodona.
Hampura kula teu payus ngobul ratu lampah giruk kitu, moal bisa nandangan
pamenta raja anu curaling curang lampahna,
angguran menta hampura tobat kanu kawasa, bisi datang azab anu tumiba ka
salira, nagara, jeung bangsa. sadar kasep!
v (dalang lebet ka jagat wayang)
DALANG : didieu raden citrayuda sareng
raden citraksi kasinggung kobu ka bentar manah, atuh rarayna bereum lir kadia beusi
atah beuleum. waos kekerot napsu ngagugudug lir satangtung gunung, ngajungiring
lir sagara pasir, muringkak lir bulu landak
v (kakawen di pirig ku gending aksen situasional di luyuken sareng gerak
wayang)
v (lampu gegebrayan warna beureum)
“rap sigra
purna dewa
Rap sigra
purna dewa
(citrayuda
sareng citraksi pepeta bari lajag lijig teu aya wiwaha)
Sang citra
yuda napsu kagila-gila
Ya napsu
kang kagila-gila”
(gending simpe ngan
ukur aksen situasional gerak wayang)
CITRAYUDA : hey kombayana, dasar anjen guru nu
teu metu, pandita kurang ajar!
CITRAKSI : mun kitucarana anjeun
ngawilah-wilah kanyaah, ngandung harti anjeun mihak ka pandawa dasar jahat.
DORNA :
leuh..leuh.. cing sadar kasep.
CITRAYUDA : tenjo ieu
naon ? (bari ngasongken keris)
DORNA :
uluh..kade bilih ka usap setan kasep
CITRAKSI : geura sambat indung nu ngandung
bapa anu ngayuga, geura tungkul kanu jukut tanggah ka sadapan pileuleuyanken
ieu dunya! (bari ngadengkek sirahna
dorna)
CITRAYUDA : sok anjeun rek kumha, Atawa rek
serah bongkokan pasrah kana pancen raja kaula?
v (Dalang lebet ka jagat wayang)
v (gambang disada mirig nyandra
dalang)
DALANG : resi dorna dasar pandita anu pinuh
ku pangabisa, emut yen salirana kagungan elmu mancala putra mancala putri mancala
rasa surti ing batin…ngadamel tipu muslihat kanggo salamet tina ancaman raden
citrayuda sareng raden citraksi.(bari di
haleuangken ku notasi wirahma nyandra)
v (Dalang lunta ti jagat wayang
gending liren)
CITRAYUDA :
sok rek kumha?
CITRAKSI : sok jawab!
DORNA :
heug atuh ari kitu carana ama bakal nyumponan amanat raja, tapi di mana aya dosa
heug tanggeuy ku sarerea ama mah ulah ka ciwit kulit ka bawa daging.
CITRAYUDA : ah teu percaya kanu ngaran dosa
CITRAKSI : aherat mah ngan ukur carita dongeng
kolot baheula.
CITRAYUDA : geus montong loba catur, kmha,
sanggup nandasa pandawa?
DORNA :
ari tos di ancam pati mah moal tiasa kmha dei ngger, rumaos we da bade ngalawan
sadar kana waruga anu rempoh teu walakaya.
CITRAKSI : kmha sanggup?
DORNA :
mangga ama sanggup nganiaya pandawa…
CITRAYUDA : awas mun ingjkar tina pancen bakal
aya mamalana.
v (citrayuda sareng citraksi kaluar
ti gajat wayang nganggo gendingan ayak-ayakan salendro)
v (Dalang nyarita saolah-olah di
salebeting werdaya )
DALANG : resi dorna ngeclaken ci soca,
rongheap napas kacida nyerina ampir perlaya di tandasa citraksi lan citrayuda.
v (Dalang kakawen, di piring ku
gamelan laras madenda)
“rum..arum…..
Saripamatri
ning rasa rasa suci pangdiwincik perlambang….
Sadar
darana….
Rum…rum
arum….saripa patri ning hurip gusti…….
Ngusap
raray dening tangan loro…..”
v (lampu biru)
DORNA :
Emhhh pandawa..sing panggih jeung kawaluyaan, sapamundut ginuluran sapaneja
tinekanan karahayuan berkah kasalametan….
BIMA :
sampurasun guru kula dorna.( nyarita ti
kajauhan)
DORNA :
haduh ngger anak ama…. Kadieu kasep bima.(bima
lebet ka jagat wayang di pirig gending ayak-ayakan salendro)
DORNA :
kumha di jalan teu aya naon-naon?
BIMA : murah asih gusti maparinan
kasalametan ka diri aing, knaon jiga nu geumpeur kitu, Manggih kajadian naon?
DORNA :
henteu..heunteu…ama teu nanaon kasep
BIMA : aing ngarti pasti si guru manggih
kajadian,
DORNA :
nuhun kasep parantos sumping kadieu, sabenerna ama teh rek ngawiridken elmu ka
hidep
BIMA : elmu naon guru?
DORNA :
nyaeta elmu insan kamil mukamil sampurna
dina jero ning sampurna. Ngan sarat di wirid elmu ieu kudu susuci ku tirta
pawitra.
BIMA : di mana eta ayana tirta pawitra?
DORNA :
tah di mana ayana, pek ku hidep teangan eta tirta pawitra, rek ka kidul jung,
rek ka kaler pek, rek kulon los, rek kawetan prak.
BIMA : aing mundut restu ka siguru ayena
keneh aing rek indit neangan eta tirta pawitra.
DORNA :
pang du’a ama aya di agigiren hidep, kade patekadan anu mulya pasti loba
gogodana tapi niat ulah kebat ku gogoda ulah ebat, ngeureuyeuh nikreuh sok
sanajan bari pateuh cing yakin gunung bakal aya di sahandapeun mumuncangan.
BIMA : aing indit dorna…
DORNA :
bral kasep angsal damel sapaneja
Kelanjutan text nya bisa dilihat disini pencet link ini

Ka ari kerennnnnn^^
BalasHapus